Selasa, 13 Oktober 2015

Pagar Rembulan di Braga


         “Naha ai kuring bet bogoh ka anjeun Ji?Apan kuring teh karek panggih,kuduna kuring teu bogoh ka anjeun…pira ninggali anjeun jadi we bogoh,dipelet kitunya?”
        Kuring nungguan manehna di dieu bari ningalikeun nu keur laleumpang di alun-alun Bandung,geus dua jam manehna teu datang-datang,cenah balik gawe ngajak papanggih di dieu… “Nahaaaa ai anjeun kamanaa?Anjeun teh can nepi???Atawa mbung papanggih jeung kuring?”
       Asa ngeleper ieu suku,ngabayangkeun mun manehna poho kana jangji.Kahayang mah kuring balik ninggalkeun ieu tempat,tapi da kumaha?hate mah moal bisa di bobodo…hayang keneh nungguan maneh didieu.Ieu leungeun geus ateul hayang nelpon manehna,terus nanyakeun “Ai anjeun geus nepi mana?ieu kuring geus dua jam nungguan anjeun didieu!!”
      “Terr terrr” ieu hape ngageter meni asa bungah,da disangka manehna nu ngamisscall teh.Hate nu asalna bungah asa ngapung ka langit jadi asa disurungkeun ka taneuh nepika tikusruk,pas apal nu ngamisscall lanceuk kuring lain  manehna.”De dimana?Gera balik!!Geus di tanyakeun ku si mamah!Geus rek peuting betah keneh maneh diditu?Sok gera balik ku aa di jemput di hareupeun komplek.”
      Karasa mah berat ieu suku keur di lengkahkeun teh,da nu diarep-arep can datang-datang ti tadi.Kuring kapaksa ngalengkah ninggalkeun tempat eta,mereun manehna poho mun aya jangji.Ieu leungeun gugupay nyetop angkot Sarijadi nu ngaliwat,eta angkot reg eureun harepeun kuring ieu suku ngalengkah naek ka angkot jol aya nu ngageroan ti tukang “Dinaaaaa”.Kuring ngalieuk ka tukang mana horeng  manehna nu ngageroan….ieu hate meni asa bungah ,suku karasa ni laleleus da ningali nu diarep-arep aya diharepeun.Kuring turun deui ti angkot “bretekkk” lumpat nyamperkeun manehna “Neng teu jadi naek angkotna?” kuring masih keneh lumpat ka manehna..teu paduli katukang angkot nu ngageroan..teu paduli ka sakabeh jelema nu ninggalikeun.
      Ayeuna kuring geus aya diharepeun manehna,manehna ningali ka kuring sorot panonna kosong,eweuh seuri eweuh sora.Happpp kuring nangkeup manehna bari ngabetot bajuna “Nahaaa ai anjeun kamana wae??Kuring geus nungguan anjeun lila,sieun anjeun teu datang..sieun anjeun teu nepatkeun jangji.”Manehna masih keneh cicing,manehna nyekelan punduk kuring bari ngomong “Hampura mun kuring nyieun anjeun nungguan,geus tong ceurik apan kuring geus aya didieu ayeuna mah,geuss ahhh jep jep tong ceurik…asa nyeri ieu hate mun ningali anjeun ceurik.”ceuk manehna bari ngusap ieu ci’panon.

**
     Ayeuna geus jam salapan peuting,kuring masih keneh jeung manehna,ngobrol bari seuseurian mun aya nu lucu..ieu leungeun masih keneh nyekelan leungeun manehna,da ieu hate meni karasa mun mbung kaleungitan manehna.Dihandapeun lampu jalan Braga dibaturan ku caangna rembulan.Manehna ngarangkul bari ngomong “Teu karasanya bobogohan teh geus lila,aya mereun satahun mah,inget keneh da kuring mah basa mimiti ningali anjeun didieu dihareppeun toko kue di Braga keur meuli gulali bari buuk di beungkeut kuda tea geuning haha ni lucu.”Kuring seuri bari ningali manehna nu kurang jelas da aya cahaya lampu,manehna katinggali seuri bari ningali ka kuring.”Hayu ah urang jalan-jalan,pan ayeuna teh poean urang jadian.”Ceuk maneh na bari nungtun kuring muter-muter di Braga.Pas keur ngobrol jeung manehna deukeut tihang Si Aa datang nyamperkeun teuing apal ti mana Si Aa kuring aya di dieu jeung manehna.
    Si Aa molotot bari ngomong “Hayu balik geus peuting!!Ulin keneh maneh mah!!Nya ngobrol jeung tihang deuih cageur maneh teh??istigfar!!” Naha ai Si Aa bet ngomong kitu?teu ningali kitu aya Aji gigireun kuring?.”Naon atuh a?ke atuh rek pamit heula ka si Aji,ngomong jeung tihang naon?ngobrol jeung si Aji ge,ieu si Aji aya disisieun.” Si Aa reuwas bari luak-lieuk teuing naon nu diteangan ku Si Aa.”Geus hayu geura balik!!Geus peuting ngalindur maneh mah euweuh sasaha ge didieu!Komo deui si Aji eweuh.”Bari ngabetot kuring ti dekeut manehna,ai Si Aa ngomong naon sih eta manehna aya?kuring ngalieuk ningali ka manehna”Aji kuring balik nya engke mun geus nepi di imah  ku kuring di telpon.”ceuk kuring bari leungeun gugupay ngomong dadah ka manehna,ai manehna ngan ningali bari sorot panonna kosong.”Jigana adi urang geus gelo.”ceuk Si Aa na jero hate.
**
      Isuk-isuk keneh kuring ngabuka hape da titadi hape teh ngageter.Aya sms ti  si Dodi babaturan na Aji  “Dina si Aji cilaka….kamari pas jam 17.35, katabrak mobil dijalan Pasteur ,motorna jeung manehna kageret nepika jalan tol,kabawa 15 km maneh na maot ditempat.”Ah maenya?Bohong ieu mah si Dodi…apal kuring ge mun si Dodi ngabohong,si eta mah jelmana sok ngalucu!!Apan geus jelas pas jam sakitu manehna keur jeung kuring di Alun-alun.Kuring ngahuleung bari mikir,lamun manehna maot ai nu basa peuting saha?Ai nu ku kuring di tangkeup saha?Ai nu jalan-jalan jeung ngobrol basa peuting teh saha?Berati nu ceuk si aa ngomong jeung tihang teh?Alahhhh Ajiiii cikkk atuh tong ngalucu maneh tehh…..ai peuting maen,ngobrol,seseurian ai ayeuna cenah maneh geus eweuh?lucu jii lucu ngalucuna,bari ci panon ngaguyur ngabayangkeun mun ieu teh bener.”Adeeee si Ajii maot kamari….”ceuk Si Aa di hareppeun panto,berarti bener mun manehna geus eweuh ?Berarti malem teh maneh rek pamit ka kuring??Kuring cengkat tuluy make sapatu lumpat kaluar imah,sanajan digeroan ku Si Aa,teu paduli kuring mah hayang panggih jeung manehna.
      Alum-alun meni rame kuring neangan manehna ditempat nu kamari,eweuh manehna didinya “ji…. ai anjeun dimana?cikk atuhh tong indit heula..henteu karunya kitu anjeun ka kuring?”kuring ngagorowok di tengah Alun-alun meh maneh ngadenge “Ajiii dimana anjeun teh??tongg nyumput atuhhh!!” Kabeh jelema ningali ka kuring bari ngabisik ka babaturan nana “Gelo mereun nya budak teh.”
      Kuring lumpat ka jalan Braga ngarepkeun manehna aya didinya,kukurilingan neangan manehna didieu,tetep weh eweuh…”Bener geus balik anjeun teh?Naha teu pamit heula atuh?Ongkoh anjeun teh nyaah?Tapi naha bet ninggalkeun atuh?”
      Ayeuna geus jam salapan peuting,jalan Braga masih keneh sarua jiga peuting kamari pas kuring masih keneh jeung kalangkang manehna.Kuring leumpang bari ngagasruk suku di aspal Braga.”Bruugg” kuring diuk dikorsi,bari jeung ngusapan ci panon,teu nyangka mun maneh geus eweuh ji,”Cing atuh tong indit heulaaa,kuring nyaah ka anjeun”bari jeung ci panon ngaguyur jiga ci hujan,kuring luak lieuk masih keneh neangan manehna..kuring ninggali maneh diditu didekeut korsi nu kamari arurang diuk,maneh seuri ka kuring bari jiga nu mere nyaho mun maneh mbung ningali kuring ceurik deui.Ngan kalangkang maneh kahalangan ku caangna rembulan,seuri manehna katingali samar-samar.Ayeuna jarak urang beuki jauh kahalangan ku caangna rembulan.
     Najan hate hese keur ngalepaskeun manehna,najan rasa moal bisa leungit sanajan anjeun na jauh ti kuring.Ieu rasa ngan saukur keur maneh na.
***

       Pangragajian,04 Mei 2015



Cerpen bahasa sunda yang dibuat sama orang jawa jadi masih banyak kekurangan nya.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar